Senin, 15 Mei 2023

Senin, 26 Maret 2018

Drama Bahasa Sunda

Posted by shelviraazka on Maret 26, 2018 with 2 comments


DRAMA BAHASA SUNDA
TAHUN AJARAN 2017/2018

“KADUHUNG”





Anggota :
Ø  Ariq Azis Rafael : Asep
Ø  Aris Risnandar : Bunbun
Ø  Irham Kusuma : Anhar
Ø  Nisa Arnisa : Susi
Ø  Pahmi Raihan : Burhan
Ø  Resi Hendini : Anabel
Ø  Shelvira Azka Afifah : Lia
Ø  Ulfa Khoerunnisa : Ma Isah
Ø  Yelliendra Mutiara : Wati





"KADUHUNG"



Di salah sahiji desa di Jawa Barat, aya hiji pamuda anu tekun, rajin, soleh, tur sok babantu ka kolotna, ngarana teh Asep. Sabada subuh manehna sok mantuan ngiderkeun dagangan indungna. Ti leuleutik manehna geus ditinggalkeun ku bapana, sanajan kahirupana susah, manehna teu weuleh diajar soson-soson.
Asep : “Ma tos siap mah hayu atuh wang ngider, bisi kaburu kapiheulaan ku panon poe”.
Ema : “Enya hayu... Sep dimananya gaganjelna?”
Asep : “Gaganjel naon ari ema?”
Ema : “Eta gaganjel sirah, da ari geus kolot mah sagala karasa Asep”.
Asep : “Euleuh... keun we engke ku Asep wae nyuhun mah ema”.

                Asep jeung ema tuluy indit ngiderkeun dagangana nu geus disiapkeun ti subuh mula.
Ema : “Sorabi... sorabi haneut bu... gorengana... bandros... bala-bala...”
Asep :” Barade ibu?” (teu lila Anabel ngaliwat)
Ema :” Neng bade? Ieu sorabi haneut, gorengan ge aya”.
Asep :” Euleuh-euleuh, ieu mah geuning jiga orang kota”.
Ema : “Heehnya, asa karek manggih Sep”.
             “Nya eneng timana kitu?”
Anabel : “Heeh bu, abdi teh ti Jakarta, kakara cicing didieu ge”.
             “ Eleuh ibu ari eta naon geuning raremong kitu?”
Ema : “Sorabi neng eta teh, sok dipeser atuh. Pangaosna teh dua rebu tilu, tapi sok ka eneng mah tilu weh dua rebueun”.
Anabel :” Kela-kela, atuh ari kitu mah sarua wae, hayu ah bu keweh deui”.
Ema : “Ih si neneng mah hanas tunya-tanya meuli heunteu”.
         “Tuh peupeujeuh Sep, ulah nurutan kawas orang kota, kalakuanana teh sakadaek”.
Asep : “Ih moal atuh ma, piraku we Asep kitu”.
         “Eh ma geuning geus beurangnya. Asep mangkat heula ma, bisi kabeurangan sakola”.
Ema : “Heeh jug Sep, kahade di jalana, sing pinter”.

Satepina di sakola si Asep panggih deui jeung awewe nu tadi di jalan, anu teu jadi meuli dagangan indungna.
Asep:Eh eh eh… anjeun teh nu tadinya?
Anabel :Oh… heehnya maneh teh nu nyuhun dagangan tadi? Saha atuh ngarana?
Asep : Abdi Asep. (seuri bari nyodorkeun leungeuna)
Anabel : “Abdi Ana pindahan ti Jakarta.Apal teu sakola paling elit di Jakarta?Tah abdi tehpindahan tidinya.Bapa abi teh salah sahiji anggota DPR geuning, apal mereun?Tah ayeuna abdi pindah kadieu teh ngilu ka indung, kusabab kontrakan didieu eweuh nu ngurus.
Asep :Oh muhun-muhun. (bari seuri)
Anabel :Geusnya ah erek abus ka kelas.

Susi :Heh heh heh…  etanya murid anyar teh?
Burhan :Oh heeh geulisnya”.
Wati :Heeh bener euy, cicing-cicing wang tanya.
Heh murid anyarnya? Saha ngarana?
Anabel :Anabel  panggilana Ana.
Susi :Panggilana? Sugan teh panggeulisna.
Burhan :Nya geulis atuh tibatan maneh mah.
               
Pas maranehna keur nanya si Ana, aya deui murid anyar lalaki jeung awewe.Datang abus kakelas diuk dina bangku anu kosong. Ari kitu maranehna teh adi lanceuk, sarua pindahan ti kota.
Lia :Bang ni asa gararinihnya.
Anhar :Heeh ih karampungan.
Burhan :Ari itu teh sarua murid anyar? Meuni asa balaga pisannya ngomongna.
Susi :Geus puguh ieu mah kampung.
Wati :Mesing cicing di kampung oge da urang mah teu kampungan.
Bunbun :Heh barudak enggeus-enggeus yeuh aya hasil ulangan. (barudak nempo hasil ulangana          masing-masing)
Anabel :Ih...Asep”.
Lia :Aya naon aya naon?
Anabel :Ieu si Asep tempo geura peunteuna meni gede pasti Asep pinter nya?
Asep :Heunteu ah nya kitu we.
Lia :Atuh Sep kumaha mun ngajarkeun arurang,da abimah te ngarti kana pelajaran teh.
Anhar :Kalemlah ke keur jajan mah diberean Sep”.
Asep :Ah bener ieu teh daek kitu diajar ku abdi?
Anabel :Peuting ayeuna we atuh Sep di teun urang yap?
Asep :Ih dimana atuh imahna?
Anabel :Ih eta apal teu? Imah gedong nu deket parapatan Haji Odang?
Asep :Oh heeh apal-apal.
Wati :Asep…  dieu geura.
Asep :Kumaha-kumaha?
Susi :Asep peuting ayeuna wang ngerjakeun pancen babarengan yap”.
Wati :Heeh yap wang di teun Asep.
Asep :Ih kumahanya da moal bisa peuting ayeuna mah.
Susi :Naha geuning?
Burhan :Heeh pan biasa na oge sok daek diajak babarengan teh.
Asep :Ih da peuting ayeuna mah teu bisa, rek ngajarkeun barudak anyar.
Wati :Ih maneh meuni kitu, heeh geus atuh lah.
Asep :Ih lain kitu…
Bunbun :Geus enggeus maksud Asep mah mereun lain embung jeung arurang, tapi hayang adil             ka sarerea. Panan jeung urang mah geus sering ieuh, pan ari itu mah kakara.
Susi :Heuh naon atuh ah, geus jug lah kaditu.

Peutingna Asep mangkat ka imah si Ana sakumaha anu geus direncanakeun ti beurang.Didinya geus ngarumpul, geus siap diajar jeung Asep. Kaditu namah maranehna diajar nepika ngarti, teu karasa waktu nyerelek, jam sapuluh Asep kakara balik ka imahna.
Asep :Maa…
Ema :Nya Asep geus timana wae Asep?
Asep :Ema apanan Asep teh geus ti imah babaturan, geus ngajarkeun babaturan anyar anu tikota tea.
Ema :Euleuh… ari Asep geuningan, naha teu bebeja heula? Ema deudeupeun, jaba nepika peuting kieu,           bebeja heula engke mah.
Asep :Enya heg ma…

                Asep langsung abus ka kamberna sare tibra nepika subuh, padahal ema na rariweuh mereskeun dagangan sorangan.
Ema :Sep hudang, geus beurang. Bantuan ema meuni rariweuh kieu.
Asep :Cik atuh ma lah, tunduh keneh Asep teh.
Ema :Ieu teh geus subuh Sep, bantuan ema ngagoreng rek kumaha loba keneh kieu.
Asep :“Heeh atuh ema kela, ma Asep mah moal ngilu ngidernya, cape kieu rarasaan teh jaba kudu         isuk-isuk datang ka sakola.
Ema :Oh heeh atuh Sep.
               
Tidinya unggal peuting Asep sok ka imah si Ana, Asep geus rubah ayeuna mah, boh ka babaturana kitu oge ka emana. Nu biasa na sok mantuan ngiderkeun dagangan ayeuna mah tara kusabab cape tea balikna peuting wae. Nepika hiji waktu si Asep ditanya ku babaturanana.
Bunbun :Asep kamana wae? Naha ayeuna mah asa jarang babarengan?
Asep :Heehnya urangna sibuk ayeuna mah.
Susi :Jaba ayeuna mah Asep teh tara mantuan si ema, dagangna teh sok berang wae ayeunamah sok kapiheulaan ku batur. Karunya Asep ih.
Wati :Alah si Asep wae, gaul na oge jeung nu ngota wae ayeuna mah.
Burhan :Yeuh Sep si ema teh geus kolot.
Asep :Naon sih maraneh nguruskeun hirup urang.
Burhan :Ih Sep lain kitu, urang mah salaku babaturan maneh ngan ngingetan hungkul.
Susi :Kamana atuh Asep nu baheula teh?
Wati :Nu sok babantu, nu sok nurut ka emana, jeung nu tara mopohokeun babaturanana.
Anhar :Yeuh dengekeun, urang ge ka si Asep teh teu cuma-cuma, tidinya oge si Asep teh boga               penghasilan sorangan. Ari maraneh naon hah? Sok ngarartitara? Sok mere naon ka si Asep?
Wati :“Heeh da urang mah teu boga duit, sakieu ayana teu jiga maraneh nu saetik-saetik nateh               ku duit. Geus jig lah kaditu maneh mah. Pan kahayangna jeung nu loba duit maneh mah”.
               
Tidinya si Asep geus tara patanya deui jeung babaturan baheulana. Dina wanci peuting Asep kakara balik ti imah Ana, manehna nempo emana keur ngajoprak di tengah imah dina samak.
Asep :Ma... tempo yeuh asep mawa duit loba, hasil kesang asep sorangan tina ngajarkeun       barudak. Geus ah ma Asep ka kamber heula.
Ema :“Sep dieu heula,  pangmawakeun cai  keur ema, ema mah rek nangtung ge teu kaduga.
Asep :Ih cik atuh ma, karek ge ngagoler ngalempengkeun cangkeng.
Ema :Ih budak teh… (bari cengkat mawa cai nu teu lila bahe ngalembereh).
Asep :Gusti teuing nya aya naon deui atuhkarek ge rek ngalenyap, kolot teh ngariweuhkeun wae           pan apal Asep teh karek balik.
Ema :Astagfirulloh, Asep geuningan ngomong teh kitu?Siga kasaha wae ka ema teh”.
Asep :Gandenglah ma, heeh da cicing di imah teh kalah musingkeun.
               
Asep kaluar ti imahna bakat ku lieur nyanghareupan emana.Manehna milih meuting di imah babaturana nyaeta Anhar.Sedengkeun emana nu keur geuring ditinggalkeun diimah sorangan. Nepika isuk nadeui Asep can balik keneh wae.
Burhan :Wang ka imah si Asep yap wang menta hampura.
Bunbun :Heeh bener wang bari ngaliwet wae kitu?
Wati :“Ih patungan ulah?
Susi :“Geus lah kewe ditalangan heula kabeh ku urang.
Burhan :“Hayu atuh wang mangkat.
Susi :Asep…
Wati :Aaasep…
Bunbun :Sep?
Burhan :Asep yeuh urang…
Susi :Ih eweuh wae geuning, teang wae kajero?
Wati :“Heeh bener euy.
Bunbun :“Uluh-uluh geuningan… heh kadarieu”.
Sarerea :“Aya naon aya naon?
Susi :“Ya Alloh ema, ema kunaon geuningan ngagoler didieu.
Wati :“Ema, na si Asep kamana? Kolot keur ripuh kieu di tunggal-tinggal wae.
Sarerea :Asep... Asep...”(sararea neangan Asep ka unggal rohangan)
Susi :Engges engges heula, ayeunamah cicing tungguan wang teangan heula si Asepna.
Wati : Heeh buru, hayu Susi gewat.
                               
Susi jeung wati neangan Asep kaluar imah.Teu jauh tidinya maranehna manggihan Asep keur ulin jeung babaturana.
Susi :Ih Wati-Wati, itu si Asep.
Wati :“Tempo ituh gewat wang samperkeun.
Susi :Asep geuninganannya  keur naon didieu,teu nyaho itu ema maneh keur sakarat?
Wati :“Nya ari maneh geuning teu mikir pisan, kolot maneh keur ripuh kitu na ari maneh hare-hare      wae.
Asep :“Nya kunaon da Asep mah teu apal sing nyaan nagen.
Anhar :Bohong lah bohong tong di denge.
Lia :“Heeh Sep, piraku wae ari bener mah.
Asep :Heeh da peuting ge jagjag keneh ema teh”.
Wati :Ari maraneh geuninganan, urang mah ngomong saayana teu di aya-aya.
Susi :Geus buru balik ari saenyana nyaah ka kolot mah.
Lia :“Geus atuh Sep lah wang ulin wae pan rek ka warnet.
Anhar :Heeh yap buru-buru”.
Anabel :“Ih ulah kitu wang teang heula we bisi kunanaon, pan si Asep-Asep keneh nu ripuh namah.
Wati :Heeh atuh lain tatadi, marukankeun urang ngabohong.
               


Kabehanana indit ka imah Asep rek neang ka ayaan si ema, nu ceuk beja namah si ema teh keur ripuh sakarat.
Susi :Euleuh-euleuh ema…
Wati :Asep, si ema…
Asep :Ema… ema… kunaon ema? Ema hampura Asep ema…
Bunbun:“Geus Asep, doakeun we ayeuna mah, doakeun ema sing tenang, sing ditampi iman islamna,                    ditempatkeun di sisi Alloh SWT. Insyaalloh ema gen geus ngahampura  sadaya              kasalahan            Asep.
Asep :“Ema hampura Asep ema, Asep teh geus mopohokeun kanyaah ema, teu nurut ka ema, Asep hanjakal ma…ema…